POPULAR FILE THIS WEEK

Pastinya Kita Memang Telah Mengabaikan Hak Atas Kekayaan Intelektual, Mempertukarkan Segala Sesuatu Tanpa Memperhatikan Hak Pembuat Software. Sederhananya, Saya Beranggapan Semua Orang Harus Mendapatkan Pengalaman Terbaiknya Dalam Menggunakan Tekhnologi Komputer dan Internet. Celakanya, Kita Memang Menginginkan Itu Semua Serba Gratis, Maka Muncullah Blog Ini. segala sesuatu semua yang ditampilkan disini merupakan miror dari para pendahulunya. adanya gratisan pasti karena ada yang tidak gratisnya. begitu pun blog ini semua yang ada dijadikan gratis biar semua orang tahu perkembangan internet sampai dimana.

CARPON AMANG JEUNG ALO

BAB I

BUBUKA

1.1 Kasang Tukang Masalah

Carita pondok anus ok disingket carpon nyaĕta carita anu wujud fisikna memang pondok. Carpon aya sasaruanana jeung dongĕng, duanana pada-pada karangan pondok. Bĕdana mah dina dongeng aya unsur nu pamohalan, ari dina carpon umumna euweuh, tegesna eusi caritana kaharti ku akal palaku, jalan carita, tempat jeung waktu kajadianna, dirĕka lir anu enya-enya kajadian. Dongĕng ka asup sastra heubeul, sumebarna ku cara lisan, umumna teu jelas nu ngarangna (anonim), ari carpon ka asup kana sastra kaayeunakeun, sumebarna ku cara ditulis, tur jelas nu ngarangna.

Carpon sunda mimiti aya tahun 1929, sok dimuat dina Majalah Parahiangan. Buku kumpulan carpon sunda anu munggaran nyaeta Dogdog Pangrewong karangan GS (1930), kusabab kitu perlu medar masalah carpon.

1.2 Tujuan

Tujuan nyusun ieu makalah nyaeta :

1. Terang kana definisi carpon

2. Terang kana nao-naon bae atawa struktur anu aya dina carpon

1.3 Rumusan jeung Watesan Masalah

Sabaraha masalah nu baris ditalungtik dina ieu makalah dirumuskeun dihandap :

1. Definisi carita pondok (carpon)

2. Tema dina carpon Emang jeung Alo

3. Palaku jeung watek palaku carpon Emang jeung Alo

4. Setting / Tempat = tempat → di imah

= waktu → peuting, sore

BAB II

PEDARAN

EMANG JEUNG ALO

Dina ĕta emang, ki Ahmad meh ku saban jalma dipikasieun, dipikagimir, komo barudak mah. Mun rentang-rentang emangna tĕh berebet lalumpatan. Pokna tĕh,”harilik, gelap saleser!”

Sarieuneun tĕh lain pedah sok nampiling atawa nyabok ngagitik da tara nyintreuk-nyintreuk acan. Ieu mah ĕta sarieuneun ngadĕngĕ omonganana. Da poksangna bĕak tikarep, cĕplak pahang garihal sugal jeung kasar. Rajeun adab-adaban, handap lanyap matak nyarug.

Najan sarĕrĕa nyaho gĕ omonganana tĕh henteu terus jeung hatĕna. Tapi, ari matak nyungkelit mah angger baĕ pikanyerieun.

Geura waĕ nya, sakalieun barudak tingbarakakak ogĕ pĕdah manggih pikaseurieun, ana gantawang tĕh, “Montong calecĕngiran monyĕt! Cetain teuing!”.

Nu kuduna cetaan ogĕ jadi cĕtain, dialek Jakarta meureun. Minangka ngogona,”kadieu negro, dĕwĕk pencĕtan,” ka alona nu kulitna rada-rada sawo tutung.

Atawa, “Calukan Si Beuki Mĕwĕk, sugan moal jeblĕh ari dibĕrĕ coklat mah,” ka alona nu reumbay cimata mun kabeneran ka sentak.

Lamun keur nyetiran mobil, pĕk hareupeunana aya tukang beca dugal-dugil ngaboseh da puguh nanjak, haok baĕ,”minggir lu! Hayang kojor!”

Atuh puguh baĕ tukang bĕca tĕh tibuburanjat, jadi reuwas ku sora tutĕr tĕh jeung ceuli deui panas asa disebit. Polotot baĕ ti dituna mah rĕk ngalawan. Tapi, ari rĕt kana bentang nu tinggurilap dina taktak emang Ki Ahmad, kulahĕk baĕ, ngan ukur,” samber kolĕra?dilebok meong!” ceunah gegerenyeman.

Hiji mangsa mah der baĕ Emang Ki Ahmad tĕh ngamuk mani ngawakwak. Ari soalna mah teu pira, ĕta padah raport si Husen goring, ngitungna meunang tilu.

Raport tĕh diiwir-iwir bari jalang-jĕlĕng di tengah imah.

“Teu kaharti, teu kaharti! Ngitung tepi ka meunang tilu! Kapan basa di kelas duana mah peunteun dalapan. Tuh ilikan! Naha ari ayeuna meunang tilu?” cenah bari nembongkeun raport tĕa ka Ki Ahmad.

“moal aya peunteun ngitung uclag-aclog kitu. Tina dalapan jadi tilu. Kapan ayeuna tĕh kakara kwartal kahiji. Sugan guruna waĕ euweuh kanyaho! Naha teu diilikan peunteuna budak tĕh keur di kelas duana? Dasar guru jaman ayeuna!”

“Atuda mang, kapinteran budak tĕh angger. Aya mangsana tin u ieu maju, tin u itu mundur, tin u itu maju, ti nu itu mundur. Kapan aya hukum perkembangan, “Ki Ahmad nyoba-nyoba mĕrĕ katerangan.

“Ah, nanahaon makĕ hukum perkembangan, hukum perkembangan sagala. Pipinteran! Ketang, guru jaman ayeuna mah sok asa pinter, tapi ari digawĕ teu bisa balener. Leuh guru dĕwĕk mah baheula, sirahna oge barutak tanda guru pinter”

“Har, asa garampil teuing haying disebut pinter tĕh, kantun ngerok sirah waĕ panginten nya, Mang..?”

“lain butak ku dikerok, bodo! Tapi bakating loba mikir. Terus terang baĕ dĕwĕk mah teu pati percaya ka guru jaman ayeuna mah, teu! Coba pantar silaing budak bau jaringao euweuh kanyaho, makĕ katenden ngajar. leuh, sareksek nĕnjo gĕ”.

Beungeut ki Ahmad mimih beureum, hatena mimiti panas.

Naha atuh putra tĕh ngaganggu di sakolakeun ari teu percanten mah ka guruna?”.

Emang ki Ahmad jebi bari ngabegĕg.

“uwah, dĕwĕk mah nyakolakeun budah tĕh, tamba gandĕng wae di imah. Da ari ngajar kitu-kitu waĕ mah dĕwĕk gĕ bisa, pira ngajar maca jeung ngitung. Asa euweuh hĕsĕna, teu kudu sakola heula! Geura…..sen, Husen! Jang urang di ajar ngitung ku Bapa!? Ceunah ngageroan anakna.

Si Husĕn nyampeurkeun bari rada regag-regog, sieuneun kasentak.

“leuh Ujang, dĕngĕkeun. Mun ngitung bisa deui meunang dalapan, ku Bapa dipangmeulikeun kareta mesin. Haying?”.

…………………………………………

(dicutat tina Guriang Tuju, Karangan Tini Kartini)

2.1 Definisi Carita Pondok (Carpon)

Carpon dicutat tina buku miara adegan kanggo murid SLTP kelas I, carita pondok biasa disingkat carpon. Asalna tina tarjamahan bsa inggris, “short story”. Carpon nuduhkeun kana karya rĕkaan (fiksi) nu diwangun dina basa lancaran.

Sedengkeun dicutat tina buku Gapura Basa kanggo murid SLTP kelas I, Carpon tĕh singgetan tina carita pondok, nyaĕta karangan dina basa lancaran. Hidep gĕ tangtu remen maca carpon, boh anu dimuat dina majalah, kora, atawa anu geus dibukukeun.

Jadi nu disebut carpon nyaeta karangan fiksi nu diwangun dina basa lancaran.

2.2 Struktur Carpon

Tema dina carpon Emang jeung Alo tĕh nyaĕta Si Emang anu dipikasieun ku sabab omonganana pikanyerieun batur jeung Ki Ahmad nu bageur sarta Husen nu cicingan.

Palaku jeung watek palaku

a. Emang watekna : galak, poksang ngomongna

b. Ki Ahmad : bageur, jeung sabar

c. Husen : cicingan jeung bageur

Setting : tempat : di imah

Waktu : peuting, sore jeung isuk

BAB III

PANUTUP

3.1 Kacindekan

Sabada diayakeun analisis kana carpon (carita pondok) dibantun kacindekan :

1) Carpon nyaeta karangan fiksi anu diwangun dina basa lancaran

2) Tema carpon Emang jeung Alo

3) Conto palaku jeung watek palaku dina carpon : emang watekna galak jeung poksang.

4) Conto setting dina carpon :

Tempat : di imah.

3.2 Saran

Urang tĕh kudu sopan dina bahasa, supados teu aya nu ngarasa minder.

DAFTAR PUSTAKA

Prawirasumantri, Abud. 1990.

 

My Blog Top List

Followers

blog simpanan Copyright © 2009 Gadget Blog is Designed by Ipietoon Sponsored by Online Business Journal